
ti jandela - etu lyrics
son, hayu gacang balik
tong betah teuing di rumah sakit
urang imah geus ngadaragoan
hayang papanggih
ku eweuhna ge ni asa saredih
son, hampurakeun kami
teu bisa maturan unggal wanci
padahal sono kacipta
beurang peuting ngan ukur tatanya
naha iraha bisa ngariung jeung kulawarga?
da nyatana ge ngan ukur bisa nempoan ti jandela
sanajan beurat ge diduakeun unggal poena
sing geura jagjag ngarah bisa ningali imut bagjana
nu matak sumanget ayah jeung bunda
son, hayu gera balik
meh bisa bebas seuri jeung ceurik
teu tarega ningali unggal usik nahan peurih
ku eweuh ge ni sok saredih
son, mugi damang tereh
ulah betah teuing jadi pasien
biaya rawatna galak
saldo tabungan geus tereh beak
tapi keun bae asal sehat bisa gancang gede
da nyatana ge ngan ukur bisa nempoan ti jandela
sanajan beurat ge diduakeun unggal poena
sing geura jagjag ngarah bisa ningali imut bagjana
nu matak sumanget ayah jeung bunda
da nyatana ge ngan ukur bisa nempoan ti jandela
sanajan beurat ge diduakeun unggal poena
sing geura jagjag ngarah bisa ningali endahna dunya
nu matak sumanget ayah jeung bunda
Random Song Lyrics :
- late nights - fateh lyrics
- the bridge of departure - now everything fades lyrics
- feel - nitocris lyrics
- pelkkää puhetta - soul captain band lyrics
- mona lisa - butrint imeri lyrics
- we don't - n.o.r.e. lyrics
- forever friend - dizzie lyrics
- distance - snezhny lyrics
- mau mau - levinhurst lyrics
- thought of you - trevor myall lyrics