
kalangkang - m.a.e. lyrics
mungguhing dina impenan
geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu weuning bersih
satia jadi kakasih
mungguhing dina impenan
geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis
teu isin ka ambung damis
rambut panjang nu ngarumbay
disangkeh panangan nyampay
lalaunan raray tanggah
rangkulan karaos pageuh
luhur pasir tepung deudeuh
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan… nu duaan
hanjakal… hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan… harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan
mungguhing dina impenan
geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu weuning asih
satia jadi kakasih
mungguhing dina impenan
geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis
teu isin ka ambung damis
rambut panjang nu ngarumbay
disangkeh panangan nyampay
lalaunan raray tanggah
rangkulan karaos pageuh
luhur pasir tepung deudeuh
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan… nu duaan
hanjakal… hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan… harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan
rambut panjang nu ngarumbay
disangkeh panangan nyampay
lalaunan raray tanggah
rangkulan karaos pageuh
luhur pasir tepung deudeuh
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan… nu duaan.
Random Song Lyrics :
- el final - cinco de enero lyrics
- common pleasure - eagles ballroom live version - jason mraz lyrics
- overdose - l jinny lyrics
- jaki ojciec taki syn - o.s.t.r. lyrics
- breaking dawn - aquarius lyrics
- eyesoulated - euroz lyrics
- se me ha canado el alma - yoskar sarante lyrics
- te kilka aut - donguralesko lyrics
- nessuno parla più - dargen d'amico lyrics
- stranger things recap song ft. eleven, mike, dustin & co - aaron fraser-nash. lyrics