lirik lagu kujang rompang – jasad
manjing kana waktuna
ninggang kana mangsana
muru maluru beh ditu
nungtik nyungsi nu kamari
hudang pikeun tandang nu kiwari
ngundeur meureun ngala sugan
hana nguni hana mangke
tan hana nguni tan hana mangke –
aya baheula, aya ayeuna
moal aya ayeuna mun euweuh baheula
aya indung, aya bapa
indung nu ngandung bapa nu ng-yuga
aya indung, aya surga
aya bapa aya dunya
du’a indung jadi jimat
jampe bapa jadi ubar
pikeun lengkah
pikeun tandang
ngadekeun ajen kisunda
laku lampah nu utama
nyebarkeun asih kasasama
tingkah polah sing merenah
sangkan panggih
kamulyaan
kajembaran
kawaluyaan
karahayuan
congkrang kujang ngajirim nonoman
nu gede wawanena
panceg dina galur
salawasna akur jeung dulur
panceg dina galur
babarengan ngajaga lembur
panceg dina galur
moal ingkah najan awak lebur
panceg dina galur
salawasna akur jeung dulur
panceg dina galur
babarengan ngajaga lembur
panceg dina galur
moal ingkah najan awak lebur
munut ridho gusti
ngalap berkah gusti
nu maha suci
munut ridho gusti
ngalap berkah gusti
sang hyang widhi
bral geura miang
tandang makalangan
nanjeurkeun kabeneran
ngaw-ngikeun bumi pasundan
sok geura hudang
tandang makalangan
sanghareupan musuh
najan palastra nepikabinasa
sakabeh nu gumelar didunya
bakal panggih jeung ajalna
ngan nu mangpaat pikeun sasama
anu bakal abadi
ngarana ditulis dina prasasti kahirupan
laku lampahna turuteun pikeun anak incu
kujang nu nyurup kana raga
anu nyieup kana wanda
ngajirim jadi nonoman sunda
sinatria ti tanah pasundan
nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan
teu keuna ku owah gingsir
teu kasilih ku junti
ganjaran nu belapati, satria santosa iman
sinatria pilih tanding lalaki lalanang jagat
lirik lagu lainnya :
- kumpulan lirik lagu jacob turner › lirik lagu icarus – jacob turner
- kumpulan lirik lagu 嵐 arashi › lirik lagu このままもっと (konomama motto) – 嵐 (arashi)
- kumpulan lirik lagu babymama russia › lirik lagu цветы – babymama (russia)
- kumpulan lirik lagu silent theory › lirik lagu shaking cages – silent theory
- kumpulan lirik lagu remington brown › lirik lagu faithful – remington brown
- kumpulan lirik lagu disa 4k › lirik lagu kilo (@fro6t remix) – disa 4k
- kumpulan lirik lagu tom springer › lirik lagu pull me push me – tom springer
- kumpulan lirik lagu base the great › lirik lagu enough – base the great
- kumpulan lirik lagu alan kane › lirik lagu haunting me – alan kane
- kumpulan lirik lagu mohsen hemati › lirik lagu engar na engar – mohsen hemati